Pupuh Bagean ka 2

by - 8:09 PM

Urang tuluykeun diajar pupuh, di bagean ka 1 nrpikeun ka magatru. Ayeuna urang ningali pupuh mijil.


6. Mijil
Palanggeran Mijil: 10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u.

Conto:

Beurang peuting tambah cape ati
jeung tambah rampopoy
wungkul inget ka salaki bae
mugi aya kadar panggih deui
mun teu panggih deui
anggur pondok umur.


7. Durma
Palanggeran Durma: 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i

Conto:

Kangjeng Ratu memeh dugi ka mangsana
teras mapatkeun aji
nagri teh dicipta
sina jadi talaga
dupi eta jimat encis
kersa Jeng Raja
ngajadi hoe matih


8. Pangkur
Palanggeran Pangkur. 8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-1.

Conto:

Sakur durjana dursila
pada giris repeh teu wani julig
rasana tangtu karingkus
najan kabur diudag
tara weleh mun tacan datang ka tumpur
bengis keras ponggawana
ngajaga ponggawa nagri.


9. Maskumambang 
Palanggeran Maskumambang: 12-i, 6-a, 8-i, 8-a.

Conto:

He barudak kudu mikir ti leuleutik 
maneh kahutangan 
ku kolot ti barang lahir 
nepi ka ayeuna pisan


10. Pucung
Palanggran Pucung: 12-u, 6-a, 8-e/i. 12-a.

Conto:

Pupuh pucung ti tungtung nepi ka tungtung
ka tungtung babasan
babasan marepeh
hate silokana kumaha tungtunganana


11. Wirangrong 
Palanggeran Wirangrong: 8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a.

Conto:

Barudak mangka kaharti
ulah rek kadalon-dalon
enggon-enggon nungtut elmu
mangka getol mangka tigin
pibekeleun sarerea
modal bakti ka nagara.


Nyambung deui, ka bagean ka 3

You May Also Like

0 comments