Pupuh bagean ka 1

by - 7:45 PM

Dina sastra sunda mah, saurna aya 17 rupa pupuh. Pupuh teh nyaeta patokan atawa aturan anu biasa dipake dina sawatara puisi Sunda, jadi ti 17 rupa nu aya boga aturan sewang-sewang. 17 rupa pupuh, nyaeta:


1. Kinanti
2. Sinom
3. Asmarandana
4. Dangdanggula
5. Magatru
6. Mijil
7. Durma
8. Pangkur
9. Maskumambang
10. Pucung
11. Wirangrong
12. Jurudemung
13. Balakbak
14. Gambuh
15. Gurisa
16. Lambang
17. Ladrang

1. Kinanti
Patokanna 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i.
(8 teh nyaeta nuduhkeun 8 suku kata anu aya tina sa-kalimat na)

Conto:

Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Ngalayang kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bubuahan
Naon wae nu kapanggih


2. Sinom
Palanggeran Sinom: 8-a, 8-1, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-1, 12-a.

Conto:

Aya hiji rupa kembang
rarangeuyan tapi leutik
rupana bodas kacida
matak lucu liwat saking
hanjakalna teu seungit
lamun ku urang diambung
kitu soteh ti beurang
ari seug mungguh tipeuting
sumeleber nyambuang sapakarangan


3. Asmarandana
Palanggeran Asmarandana: 8-i, 8-a, 8-e/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a.

Conto:

Eling-eling murangkalih
kudu apik jeung berseka
ulah odoh ka panganggo
mun kotor geuwat seuseuhan
soeh geuwat kaputan
ka nu buruk masing butuh
ka nu anyar masing lebar.


4. Dangdanggula
Palanggeran Dangdanggula: 10-i, 10-a, 8-elo, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a.

Conto:

Keak kerak merak lir careurik,
heulang julang kalong ngalanglangan
geuri-geuri ting garero
maung bati ngahiung
kuwiwi mah bati ngecewis
sagala ngiring lara
ka sang putri wiku
jeung paa biji alpukah
sato-sato berhala gunung Sirinding
bumela ka nu lara.


5. Magatru
Palanggeran Magatru: 12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o

Conto:

Nun sumuhun nu ieu namina curuk,
nu ieu nami jariji
nu tengah nami jajangkung
nu alit namina cinggir
indung leungeun anu pondok.


You May Also Like

0 comments