Pupuh Bagean ka 3

by - 8:09 PM

Bagean paneuri diajar pupuh.


12. Jurudemung
Palanggeran Jurudemung: 8-a, 8-u, 6-1, 8-a, 8-u.

Conto:

Badan anu katempuhan
da bongan ngalajur napsu
peurihna kapanggih
rek bongan-bongan ka saha
ayeuna bati kaduhung.


13. Balakbak
Palanggaran Balakbak: 12-a, 3-e, 12-a, 3-e, 12-a, 3-e.

Conto:

Nanggung tolok pinuh barang bubututan
rarombeng
Wantu kabeh ape kiran rorombotan
garoreng
leumpangna teh rada ngigir ngalieukan,
Mendeleng


14. Gambuh
Palanggeran Gambuh: 7-u, 10-u, 12-i, 8-u, 8-o.

Conto:

Ngahuleng banget bingung
henteu terang ka mana ngajugjug
turug-turug harita teh enggeus burit
panon poe geus rek surup
keueung sieun aya meong.


15. Gurisa
Palanggeran Gurisa: 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a.

Conto:

Hayang teuing geura beurang
geus beurang rek ka Sumedang
nagih ka nu boga hutang
mun meunang rek meuli soang
tapi najan henteu meunang
teu rek buru-buru mulang
rek tuluy guguru tembang
jeung diajar nabeuh gambang.


16. Lambang
Palanggeran Lambang: 8-a, 8-a, 8-a, 8-a.

Conto:

Nawu kubang sisi tegal
nyiar bogo meunang kadal
atuh teu payu dijual
rek didahar da teu halal.


17. Ladrang
Palanggeran Ladrang: 10-i, 8-a, 8-i, 12-a.

Conto:

Aki Dartam leumpangna ngagidig
gancang pisan gancang pisan
bari aya nu dijingjing
mawa kisa eusina ucing anakan.

Tamat

*) Tina buku PEPERENIAN anu didamel ku Bapak Drs. Ahmad Hadi - Drs. Ade Wikaya - Drs Taufik Faturohman tanggal 26 Juni 1993



You May Also Like

0 comments