Babasan jeung paribasa bagean ka 2

by - 9:46 PM



  1. Hade gogog hade tagog = jalma sopan.
  2. Hutang salaput hulu = hutangna ka ditu ka dieu.
  3. Hurung nangtung siang leumpang = nu beunghar pa ngabogana dipake.
  4. Hejo tihang  = sok pundah-pindah pagawean.
  5. Harigu manukeun = dadana nyohcor ka hareup.
  6. Haripeut ku teuteureuyeun = gancang kapincut ku pangbibita.
  7. Harewos bojong = ngaharewos tapi kadenge ku batur.
  8. Handap lanyap = omonganana lemes tapi ngahina.
  9. Halodo sataun lantis ku hujan sapoe = kahadean mangtaun-taun leungit ku kagorengan sakali.
  10. Heureut pakeun = kurang kaboga.
  11. Hampang leungeun = gancang tunggal-teunggeul.
  12. Iwak nangtang sujen = ngadeukeutan pibahayaeun 
  13. Inggis batan maut hinis = paur pisan.
  14. Jalma atah warah = teu narima didikan sacukupna.
  15. Jati kasilih ku junti = pribumi kaelehkeun ku semah.
  16. Jauh-jauh panjang gagang = jauh-jauh teu beubeunangan
  17. Kawas anjing tutung buntut = teu daek cicing
  18. Kawas anjing kadempet lincar = gogorowokan menta tulung 
  19. Kawas bueuk meunang mabuk = ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu nyarita
  20. Kurung batok = tara indit-inditan jauh
  21. Kawas beusi atah beuleum = beungeutna beureum awahing ambek
  22. Kokolot begog = budak pipilueun ngomong kana urusan kolot
  23. Kawas nu dipupul bayu = leuleus taya tangan pangawasa
  24. Kumaha geletuk batuna, kecebur caina = kumaha behna
  25. Kejot borosot = gancang nyokot kaputusan teu dipikir heula.
  26. Kabawa ku sakaba kaba = kabawa ku nu teu puguh.
  27. Kahieuman bangkong = jiga beunghar pedah katitipan barang batur.
  28. Katempuhan buntut maung = batur nu boga dosana urang nu katempuhanana.
  29. Kawas cai dina daun taleus = taya tapakna.
  30. Kawas jogjog mondok = teu daek repeh
  31. Kelek jalan = deukeut, tapi jalanna taya nu lempeng 
  32. Kawas jeler kasaatan = teu daek cicing
  33. Kawas gaang katincak = jempe.
  34. Kawas hayam panyambungan = lumbang-limbung teu puguh cabak.
  35. Kawas kuda leupas ti gedogan = ngarasa bebas.
  36. Kaciwit kulit kabawa daging = anak anu boga dosana kolot kababawa.
  37. Kandel kulit beungeut = euweuh kaera.
  38. Kujang dua pangadekna = pagawean nu maksudna dua cabak
  39. Kokoro manggih mulud = makmak-mekmek.
  40. Kawas kedok bakal = goreng patut pisan.
  41. Kaliung kasiput = loba baraya beunghar.
  42. Kawas kapuk kaibunan = leuleus taya tangan pangawasa.
  43. Kalapa bijil ti cungap = rusiah dicaritakeun ku sorangan.
  44. Kawas kacang ninggang kajang = nyaritana capetang tur gan cang 
  45. Kawas nyoso malarat rosa = sangsara pisan.
  46. Kulak canggeum = milik nu geus ditangtukeun ku Gusti Alloh.
  47. Kembang buruan = budak nu keur resep ulin.
  48. Kawas leungeun palid = uyup. ayap teu daek cicing.
  49. Kawas lauk asup kana bubu = hese rek ka luar
  50. Kawas merak = beuki kana cengek.
  51. Kawas cucurut kaibuan = goreng patut pisan, kulimis.
  52. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak = sauyunan.
  53. Leuleus awak = daekan.
  54. Leuleus jeujeur liat tali = gede tinimbangan 
  55. Laer gado = tara daek repeh; resep barangpenta: kabitaan, 
  56. Leutik-leutik ngagalatik = awakna leutik tapi gede kawani.
  57. Landung kandungan laer aisan = gede tinimbangan
  58. Lalaki langit, lalanang jagat = gagah perkasa.
  59. Lauk buruk milu mijah = marok-marokkeun maneh.
  60. Lesang kuras = teu bisa nyekel duit.
  61. Leumpeuh yuni = teu kuat nenjo nu cilaka.
  62. Lodong kosong ngelentrung = jalma loba omong, pangartina kosong/saeutik.
  63. Loba luang jeung daluang = loba pangaweruhna.
  64. Leutik ringkang gede bugang = manusa awakna leutik jiwana gede.
  65. Legok tapak genteng kadek - loba pangalaman.
  66. Meungpeun carang ku ayakan = api-api teu nyaho padahal nyaho.
  67. Murag bulu bitis = teu betah cicing di imah.
  68. Mindingan beungeut ku saweuy = ngarusiahkeun hiji perkara padahal batur geus nyahoeun.
  69. Miyuni kembang = loba nu mikaresep.
  70. Miyuni tai = loba nu mikangewa.


You May Also Like

0 comments