Babasan jeung paribasa bagean ka 1

by - 9:21 PM

Dina Basa Sunda, aya nu disebatna Babasan jeung Paribasa (Pami Indonesia na mah, pribahasa) anu dianggo ngaistilahkeun kana kalakuan atanapi sipat. Tah ieu di handap contona babasan jeung paribasa sunda teh:


  1. Atah anjang = langka silih anjangan.
  2. Adigung adiguna = takabur, sombong.
  3. Ambek nyedek tanaga midek = napsu gede tapi tanaga euweuh.
  4. Anjing ngagogogan kalong = mikahayang nu lain-lain.
  5. Adat kakurung ku iga = lampah goreng hese leungitna.
  6. Alak paul = jauh pisan.
  7. Aki-aki tujuh mulud = geus kolot pisan.
  8. Ayem tengtrem = tenang taya kasieun.
  9.  Asa teu beungeutan = awahing ku era.
  10. Anu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan = mupuas kanu keur cilaka.
  11. Amis budi = hade paroman.
  12. Aya jurig tumpak kuda = aya milik nu teu disangka-sangka.
  13. Aya jalan komo meuntas = aya kahayang, tambah aya nu ngajak
  14. Awewe dulang tinande = awewe nurutkeun kumaha salaki.
  15. Amis daging = babari katerap panyakit.
  16. Abong letah teu tulangan = sagala dicaritakeun sanajan pikanyerieun batur.
  17. Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed = ari umur geus kolot tapi ari kahayang siga budak ngora.
  18. Agul ku payung butut = agul ku turunan.
  19. Aya pikir kadua leutik = aya kahayang.
  20. Asa ditonjok congcot = ngarasa bungah pisan.
  21. Adean ku kuda beurueum = ginding ku pakean meunang nginjeum
  22. Birit aseupan = teu daek cicing.
  23. Biwir nyiru rombengeun = resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur
  24. Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok = sauyunan, ngariung babarengan
  25. Beurat birit = hese dititah.
  26. Bali geusan ngajadi = lemah cai kalahiran.
  27. Balungbang timur = nuduhkeun hate beresih,
  28. Bobo sapanon carang sapakan = aya kakurangan.
  29. Bilatung ninggang dage = bungah pisan
  30. Batok bulu eusi madu = ninggang lain pitempateunana.
  31. Badak Cihea = degig.
  32. Bonteng ngalawan kadu = nu hengker ngalawan nu bedas.
  33. Babalik pikir = insap 
  34. Balik pepeh = nu gering teu daek cicing.
  35. Balik ka temen - asal banyol jadi pasea.
  36. Buntut kasiran = medit.
  37. Bodo alewoh = bodo tapi daek tatanya.
  38. Bodo kawas kebo = bodo kacida.
  39. Beja mah beje = beja ulah waka dipercaya.
  40. Bancang pakewuh = pikasusaheun.
  41. Budak keur meujeuhna bilatung dulang = keur meujeuhna beuki dahar.
  42. Bulu kapaut = kabawa ku batur.
  43. Balabar kawat = beja nu sumebar.
  44. Beak dengkak = sagala ihtiar geus diusahakeun tapi teu hasil bae.
  45. Batan kapok kalah gawok = batan eureun kalah maceuh.
  46. Buruk-buruk papan jati = hade goreng dulur sorangan.
  47. Cueut ka hareup = tereh maot.
  48. Deukeut-deukeut anak taleus = deukeut tapi taya nu nyahoeun.
  49. Disakompetdaunkeun = disamarutkeun.
  50. Dibejerbeaskeun = dijentrekeun, dieceskeun.
  51. Dogdog pangrewong = acara penambah.
  52. Dibabuklalaykeun = dibabuk ngenca ngatuhu.
  53. Dagang oncom rancatan emas = teu saimbang.
  54. Dihin pinasti anyar pinanggih = papasten geus ditangtukeun ku Gusti Alloh
  55. Dug hulu pet nyawa = usaha satekah polah, 
  56. Elmu ajug = bisa mapatahan batur, ari sorangan teu bisa ngamalkeun
  57. Gantung denge = masih dedengeeun.
  58. Ginding kekempis = ginding tapi sakuna kosong.
  59. Gede gunung pananggeuhan = boga andelan pedah boga dulur beunghar.
  60. Garo mengmengan = taya kasabaran,
  61. Galegeh gado = sagala dicaritakeun.
  62. Garo singsat = pagawean awewe dina aya ka teu panuju.
  63. Gurat batu = pageuh kana janji atawa mawa karep sorangan.
  64. Goong saba karia = nonjolkeun maneh sangkan kapake ku dunungan.
  65. Goong nabeuh maneh = ngagulkeun diri sorangan
  66. Getas harupateun = gancang napsu.
  67. Gindi pikir belang bayah = goreng hate.
  68. Hampang birit = daekan kana gawe.
  69. Hambur congcot murah bacot = Goreng carek tapi berehan.
  70. Heuras genggerong = omonganana sugal.

You May Also Like

0 comments