Babasan jeung paribasa bagean ka 3

by - 10:04 PM


  1. Miyuni kohkol = nasibna diteunggeulan wae batur.
  2. Monyet dibere sesengked = nu rek jahat dibere parabot.
  3. Mipit teu amit, ngala teu menta = cocorokot kana barang batur.
  4. Monyet ngagugulung kalapa = boga elmu teu nyaho maksudna.
  5. Mopo memeh nanggung = ngarasa hoream memeh digawe.
  6. Maut nyere ka congona = sangsara ka kolotnakeun.
  7. Malengpeng pakel ku munding = migawe nu moal hasil
  8. Nu asih dipulang sengit = kahadean dibales ku kagorengan.
  9. Nete taraje nincak hambalan = tartib mapay ti handap.
  10. Nyeri beuheung sosonggeteun = ngalieukan nu rek datang tapi teu jol bae.
  11. Ngajul bentang ku asiwung = pagawean nu moal kahontal hasilna
  12. Ngabuntut bangkong = teu puguh tuluyna 
  13. Nyolong bade = bangun bageur tapi jahat.
  14. Nyeungeut damar di suhunan = barangbere hayang kapuji,
  15. Nyaah dulang = ka budak ngurus daharna wungkul, pendidikanana teu dipirosea.
  16. Ngeplek jawer = taya wawanen.
  17. Ngadaun ngora = jadi rame.
  18. Nyoo gado = ngunghak.
  19. Nyalindung ka gelung = nu teu boga kawin ka awewe beunghar.
  20. Ngadu geulis = paalus-alus.
  21. Ngarep-ngarep kalangkang heulang = ngare-ngarep rejeki bari teu usaha
  22. Neundeun piheuleut = ngajak goreng
  23. Ninggang kana kekecrek = nya goreng rupa nya goreng lampah
  24. Ngalungkeun kuya ka leuwi = nitah balik ka lemburna.
  25. Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam - ari ka batur bageur, ari ka dulur medit.
  26. Ngaboretekeun liang tai di pasar = nembongkeun wiwirang sorangan
  27. Ngadeupaan lincar = api-api ngaliwat hayang diaku; ngareup ngarup pamere.
  28. Nyiduh ka langit = sahandapeun mapatahan ka saluhureun.
  29. Ngeupeul ngahuapan maneh = ngaluskeun hiji perkara pikeun kauntungan pribadi.
  30. Nangkeup mawa eunyeuh = ditulungan ahirna nyilakakeun ka nu nulungan.
  31. Ngadek sacekna nilas saplasna = nyarita sajalantrahna.
  32. Nyieun pucuk ti girang = miheulaan nyieun pipaseaeun.
  33. Ngageuingkeun macan turu = ngahudang plambekeun batur.
  34. Nulak cangkeng dina kelek = ngarasa luhur diri.
  35. Oray nyampeurkeun paneunggeul = nyampeurkeun pibahaya- eun
  36. Paanteur - anteur julang = silih anteurkeun
  37. Panjang leungeun = daek puak-paok.
  38. Panjang lengkah = jauh panyabaanana, loba pangalamanana.
  39. Pindah pileumpangan = roba adat.
  40. Paeh teu hos, hirup teu neut - gering ngalanglayung
  41. Pacikrak ngalawan merak = jalma hina ngalawan nu mulya.
  42. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir = jalma lemah ngalawan nu kuat.
  43. Pupulur memeh mantun = menta buruhan memeh digawe.
  44. Puraga tamba kadenda = digawe tamba lumayan.
  45. Pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian = pakia kia teu daek sauyunan.
  46. Rea ketan rea keton = taya kakurang.
  47. Silih jenggut jeung nu dugul = silih tulungan jeung nu teu boga.
  48. Saciduh metu saucap nyata = sakti, ucapanana tara nyalahan. 
  49. Sisit kadal = goreng milik.
  50. Sibanyo laleur = ngan saliwat geus beak deui.
  51. Saur manuk = ngajawab bareng.
  52. Sieun meubeut meulit = sieun kabawa.
  53. Teu gedag bulu salambar = taya kasieun.
  54. Titip diri sangsang badan = mihapekeun maneh.
  55. Teu beunang dikoet ku nu keked = medit pisan.
  56. Ti kikirik nepi ka jadi anjing = ti bubudak nepi ka sawawa.
  57. Ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk = ti ngora nepi ka kolot
  58. Teng manuk teng anak merak kukuncungan = kalakuan kolot nurun ka anakna.
  59. Tuturut munding = sagala rupa nurutkeun batur.
  60. Wawuh munding = wawuh ngan saliwat.

Tamat.

*) Tina buku PEPERENIAN anu didamel ku Bapak Drs. Ahmad Hadi - Drs. Ade Wikaya - Drs Taufik Faturohman tanggal 26 Juni 1993

You May Also Like

0 comments