Dongeng Kasar Pisan

by - 12:09 PM

(Ieu gambar anu gaduhna kang Pidi Baiq)

Basa itu poe Juma'ah, aing kakara hudang jam 12, buru-buru mandi, sieun kabeurangan solat.Geus mandi langsung make baju koko, beretek lumpat rek ka masjid.Kari 20 meter deui rek tepi ka masjid, sianying batur geus balubar, ah, daripada balik deui, era kanyahoan ku batur solat jumat kabeurangan, nggeus we belok ka imah batur, diketok ku aing teh, kaluar ibu-ibu, "aya naon jang?", "Bu, aya Denok?" aing ngasal da meh salah, tuluy balik ka imah rek sare deui.Si Ibu ngajawab, "kela antosan sakedap", eh?gening bener ngaran anakna Denok, ah bae we tungguan sugan geulis, ke ku aing rek diajak jalan-jalan, kitu dina pikiran aing teh.Pas kaluar, pek teh lalaki, aduh aing meni sial, jaba goreng patut."Bu, sanes Denok ieu, Denok anu istri aya teu?", "teu aya jang, da Denok mah ieu hungkul putra ibu", "ah, nya atos we bu abi uih heula, ke upami aya Denok anu istri, wartosan nya bu" bari ngaleos da sieun si Denok anu goreng patut na ngajak kenalan ka aing.
Geus we, aman, batur teu nyarahoeun aing kabeurangan Juma'ah-an teh.Pas leumpang rek balik, ti jauh aya jelema nu ngabaledog duit kencring ka aing, ku aing dideukeutan, ai pek teh si Hasrul, baturan aing keur leutik ajig geus lila pisan teu panggih.Baheula aing osok ngurek di sawah jeung si Hasrul teh, mun teu ngurek, sok ulin ka leuweung, neangan manuk bari teterekelan kana tangkal.Pas geus deukeut pisan ka si Hasrul, geus pahareup-hareup kari meuntas jalan raya, bieuna rek diajak ka imah, tapi ujug-ujug aya truk toronton gede pisan ngaliwat, jadi kahalangan aing nempo si Hasrulna, pas truk eta bere ngaliwat, ai pekteh si Hasrul geus euweuh, teuing kamana.Aing langsung ngajorowok weh, sugan kadengeeun."Hey Hasrul ai ilaing rek kamana?hayu ka imah aing heula urang gapleh jeung babeh aing siateh kehed!", tapi teu kadengeeun sigana, da euweuh nu ngawaro, ngadon era aing ditempokeun ku batur disangka nugelo.Kusabab aing sono hayang ngurek bareng deui, aing nyampeur we ka si Ajrag, rek nginjeum motor keur neangan si Hasrul, "Jrag aing nginjeum motor euy, rek ngaberik si Hasrul, hayu sia rek milu moal?", "moal ah, aing keur nyeri beuteung euy, ieu ge keur di cai sia riweuh nyampeur, atuh aing teu kaburu ombeh-ombeh acan", "si goblog, bau.Nya enggeus atuh nginjeum motor, mana koncina?", "motor aing kamari geus dijual, da aing hayang meuli kuda, tuh aya di buruan keur lolodok, erek make kuda?, "nya enggeus bae dieukeun leuwih alus aing teu kudu meuli bengsin", naek we aing kana tonggong kuda, "Jrag mana STNK-na?", "na ai sia belegug?apan ieumah kuda, euweuh STNK-an", "oh heeuh poho".Langsung we  indit, mudah-mudahan aing panggih jeung si Hasrul.Naek kuda aing geber pisan, sieun si Hasrul na kaburu jauh.Mimiti rek neangan si Hasrul ka tempat osok ngurek baheula.
Kakara ge tepi di jalan hareup, pek teh macet pisan, macet total, padahal baheula aing jeung si Hasrul didieu teh osok balap naek sapedah bari stending, si Hasrul jagoan pisan stending numpak sapedahna.Geus rada lila, aing belok da maksudna rek motong jalan meh teu macet, sianying jalan kadieu ngadon banjir, ripuh pisan banjir na, kautka aya kasur palid, diluhurna bapa-bapa keur sare meni tibra.Aing tepi di tempat baheula osok ngurek, masya Alloh, sawah sa lega-lega ayeuna geus euweuh, geus jaradi imah anu aralus.Goblog euy, karunya teuing belut na nu ti baheula imahna di sawah parindah kamana.Ah teu loba lila aing geber deui naek kuda ka leuweung, sugan we si Hasrul keur ngala manuk dina tangkal anu aya tulisan 'Ninding love Nining'.Ari pas tepi teh, aing ni asa hayang ngahakan ieu kuda saking ku keselna, eta leuweuh anu baheula hejo ngemploh ayeuna geus jadi mall, jaba jelema anu daratang teh bajuna kararitu, pikangewakeun ku aing.Tong boro ku aing, kuda si Ajrag wae ujug siap-siap rek neunggar jelema nu aya didinya, buukna koneng sawareh, nutupan panon sabeulah, make kaca panon hideung, ditilik-tilik mah beungeutna siga urang Bojong Podol pisan, boa heeuh.Tapi ku aing di harewoskeun ka eta kuda, sing sabar jang, keun antepkeun ulah disuruduk.Jadi we kuda si Ajrag tenang deui.
Pas si jelema eta ngaliwat ku aing ditanya, sopan pisan aing nanya na kieu "Punten kang, dupi akang ningal rerencangan abi?Sapantaran abi kang, pameget, sirahna botak teras aya karangan dina bujurna", si etana ngajawab kieu "lu ngomong apa sih?gua gak ngerti, capedeeh, iyuuuwwwhhh", aing reuwas ka reureuhna keun, "euleuh, si Hasrul ka gua?Gua Walanda anu di dago kang?si belegug rek naon ngadon ngajedog di gua".Geber deui aing numpak kuda ka gua Walanda jeung poho nuhun ka si jelema anu bieu pikangewaeun.
Sajajalan aing bari mikir, naha jaman kiwari di Bandung jadi loba jelema siga kitu nya? Tepi aing teh di gua Walanda, asup langsung ka jero, anjing poek, ieumah mustahil aya si Hasrul di jero, teu kadeuleu nanaon kieu, goblog aing di tipu ku si jelema pikangewaeun itu.Bari kultum(kukulutus 7 menit) aing kaluar deui ti gua Walanda, pas kaluar pisan, eh?naha aya si Denok nu bieu, disampeurkeun ku aing, teu ngomong nanaon si Denok didinya teh, ngan ujug-ujug mere kertas ka aing bari si eta na tuluy kaditu numpak mobil jeung babaturanna.Dina kertasna aya tulisan kieu "carinya di apartement lantai 72 pasti ketemu", aing ngahuleung, ieu bangunan kawas naon tepi ka aya lantai 72 sagala.Kusabab bieu aing ditipeng ku si jelema anu di mall, aing teu percaya deui ka surat nu ti si Denok.Geus pasrah aing rek balik deui ka imah.Dijalan, aing ningali aya bangunan jangkung pisan, "euleuh, gening si Denok bener euy, tp da aing teu nyaho aya nu kieu, baheula mah euweuh, aslina.".
Aing buru-buru nanyakeun ka satpam, "Pa ai ieu teh naon sih?", "oh ini apatement de, ade mau kemana?", "saya nyari si Hasrul pa, ada berapa lantai sih ini pa?", "77 dek", "pa, saya nitip kuda atuh ya di pos bapa, saya mau cari si Hasrul euy pa, penting pisan initeh, beneran deh", "oh silahkan, sok masuk lurus terus nanti naik lift", "nuhun pa".Aing naek lift anu bieu ceuk si pa satpam, geuning kieu nya euy lift teh, aing meni inggis numpak na oge, 'ting' disada, terus pantona muka sorangan, hade pisan, aing jadi hayang kamar aing pantona nu kieu euy.Karek 3 lengkah kaluar ti lift, eh enyaan panggih jelema bieu anu melongkeun pas aing rek balik.Ai pek teh lain si Hasrul etamah, geus we ku aing ajak ngobrol, "ang, sugante si Hasrul ih meni persis pisan", "sanes abi mah Murtadin ih sanes Hasrul", "ai bieu naha atuh ngabaledog artos kencring ka saya?bari ujug ngaleungit wae deuih teu puguh-puguh", "suganteh aa doger monyet a, janten kusaya dialungan artos, teras da aa ningalikeun abi meni kitu, pikasieuneun, sugante aa bade nyabok abi", "moal atuh ang, saya mah tara cubak cabok".Leumpang deui weh ka handap rek balik da geus bener-bener pasrah, di imah, ku aing kuda teu di pulangkeun, da keur sedih keneh teu manggih si Hasrul, aing ngahuleng weh di harepeun toren.Indung aing nyampeurkeun ujug-ujug ngomong kieu, "inget keneh si Hasrul teu?ieu bieu nga sms indungna, cenah isukan rek kadieu silaturahim", aing soak pisan etamah, kakara inget yen si Hasrul teh da emang pindah ka Papua ti basa itu, soalna didieu mah, ayeuna mah geus beakeun tempat ngurek jeung hese rek neangan manuk bari teterekelan kana tangkal deui teh, bari jeung sakalina kaluar imah geus hese usik, pinuh teuing ku kendaraan, ku jelema geus beda gaya na, beda cara ngomongna jeung teu ngalartieun basa sunda, aing ni nalangsa kieu.Goblog hanas aing kukulilingan bieu neangan si Hasrul.Pokona isukan mun panggih si Hasrul ku aing rek dibaluran tai kuda si Ajrag kana beungeutna!

*) Diajar Sunda Kasar

You May Also Like

0 comments